Kamis, 27 Juni 2013

ASAL MUASAL URANG SUNDA



   Ti mimiti iraha urang teh disebut urang Sunda? Naha ti baheula mula, ti barang di ieu wewengkon mimiti aya pangeusina? 
Pikeun ngajawabna, tangtu kudu dipaluruh dina galur sajarah. Ngan masalahna, sumber sajarah di Sunda teh dianggap minim. Pikeun ngungkab kahirupan dina jaman rebuan katukang, ukur bisa ngandelkeun hasil panaluntikan arkeologi. Nya ku sabab eta, sok disebut jaman prasajarah.
Dumasar kana hasil panaluntikan widang geologi, dina enas-enasna mah (esensina), wewengkon anu disebut Tanah Sunda teh geus aya ti mimiti Pulo Jawa ngabentuk, kurang leuwih 26 juta taun ka tukang. Ti iraha mimiti aya pangeusina, jeung naha harita geus disebut urang Sunda? Wallohualam, da tacan aya bukti sajarahna tea.
Sacara historis, tokoh anu pangheulana aya dina sajarah kahirupan jeung peradaban manusa Sunda teh nyaeta Purnawarman. Ieu pamadegan teh dumasar kana kapanggihna bukti-bukti tinulis dina bentuk prasasti (aya nu disebut prasasti Cidangiang, Tugu, Ciaruteun, jeung koleangkak).
Dumasar kana bukti anu geus aya, formalna mah mangsa awal sajarah Sunda teh ti mimiti ngadegna karajaan Tarumanagara. Eta karajaan geus mimiti mekar dina pertengahan abad ka-5 M, waktu anu jeneng rajana ngaran Purnawarman. Naha dina jaman harita geus aya kecap Sunda nu nuduhkeun etnik? Lamun dititenan, dina eta opat prasasti teh tetela teu nyabit-nyabit Sunda, malah apan ditulisna ge lain dina basa Sunda, kitu deui aksarana. Karuhun Purnawarman oge apan aslina ti India, najan ka dieunakeun mah lumangsung perkawinan campuran jeung penduduk lokal. Kecap Sunda mimiti digunakeun sacara mandiri ti sanggeusna ngadeg Karajaan Sunda. Tapi eta karajaan teh teu ngurung salega Wilayah Jawa Barat (sesebutan jaman kiwari).
Dina ahir abad ka -7, Karajaan Tarumanagara tumpur. sanggeus dijorag ku pasukan Sriwijaya. Ti saruntuhna Tarunanagara, di Tanah Sunda ngadeg dua Karajan: SUNDA jeung GALUH.
   Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa, wewengkona di beulah kulon, ari Karajaan Galuh diadeugkeun ku Wretikandayun, wewengkona aya ti beh wetaneunana. Ari nu dipake tapel watesna Walungan Citarum.
Beda jeung Karajaan Tarumanagara nu puseur dayeuhna di basisir. Karajaan Sunda jeung Galuh mah jauh ti laut. Puseur dayeuh Karajaan Sunda ayana di Pakuan (Bogor). Ari puseur dayeuh Karajaan Galuh mah ayana di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali (Ciamis).
Kurang leuwih 70 km ti basisir kaler ka Pakuan, jarakna. Ari Bojong Galuh mah komo leuwih jauh deui ampir kana 90 km-na, Kawali nyakitu keneh anggangna ti basisir teh 75 km. Ti ahir abad ka-7, awal abad ka-8, dua Karajaan ieu silih eusian kana runtuyan galur jeung sajarah, teupi ka abad ka-16 M. Sunda lain Galuh, jeung Galuh oge lain Sunda, kanyataana geus kitu.
Sawangan urang anu hirup dina jaman kiwari, di beulah kulon aya pakuan, di wetana aya Kawali. Duanana nyakrawati di wewengkon nu kiwari disebut tatar Sunda. Saeunyana dina mangsa harita teh masih aya Karajaan nu laleutik liana. Umpamana wae; Kendan, Galunggung, Arileu, Saunggalah, Kuningan. Eta Karajaan laleutik teh sakapeung jadi bawahan Karajaan Sunda, Sejen mangsa jadi bawahan Karajaan Galuh, atawa ngadeg mandiri teu ngadunungan ja sasaha.
Najan di dieu aya kasebutna 'Bawahan', tapi eta karajaan leutik teh lain ngandung harti jajahan. Ari sababna, sistem pamarentahan anu dipake dina mangsa harita teh mun ceuk elmu tata nagara mah disebutna federasi (teu beda ti nagara bagian lamun dina pamarentahan moderen kiwari mai). Cindekna, di sagigireun dua puseur kakawasaan (anu hiji aya di Sunda, anu hiji deui aya di Galuh), Karajaan leutik tetep boga kadaulatan sorangan. Kasawangna teh di alam harita, di wewengkon nu ayeuna disebut tatar Sunda tea, aya nu disebut urang Galuh, urang Galunggung, urang Kendan, urang Saunggalah, urang Kuningan jeung urang Sundana sorangan (jigana teu beda lamun ayeuna urang nyebut urang Ciamis, urang Bandung, urang Garut, jst).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar